12 Desember 2008

KAULINAN JAMAN BAHEULA

Nineung ka jaman budak, nineung kana suka seuri nu tara kendat, nineung kabebasan hate jeung pikiran...endah jaman budak ilang ku jaman, tapi moal ilang na ingetan.
Salah sahiji nu matak nineung nyeta rupa kaulinan nu kajamanan ku sim kuring di sisi lembur , yu urang pedar, itung-itung ngubaran kasono sareng nuliskeun tapak geusan turunkeuneun ka barudak...
ari dulur-dulur sadayana masih keneh emut teu kana kaulinan jaman baheula ???
alhamdulillah kuring mah ngalaman, bari jeung sakeudeung oge, beda jeung kaulinan barudak jaman ayeuna anu geus malodern, saperti pees, sega, vidio gim, jeung sajabana.
yeuh ayeuna urang balik deui ka waktu harita, saeutik diantarana kaulinan nu ku kuring kaalaman. ucing sumput atawa ucing pancakan, engkle, boy-boyan, ngadu gambar, ngadu kaleci, ngadu karet, gartik, sorodot gaplok, momobilan tina awi, jujungkungan, atawa jinis kaulinan usum-usuman, saperti bedil lodong keur usum puasa, langlayangan keur usum angin gede.
biasana kaulinan eta raramena lamun keur udum halodo pasosore.
wah loba pisan euy, paroho deui sawarehna mah!!!!
sok atuh saha nu masih keneh inget??

1. Ucing sumput atawa ucing pancakan
Ucing kudu cicing dina hiji tanda nu geus ditangtukeun bari meungpeung ngitung nepi ka 10. Nu sejen lalumpatan nyumput. Si ucing kudu neangan pamaen lain bari ngajagaan tanda ulah nepi ka ditijek ku nu sejen. Lamun nu nyumput kapanggih ucing bakal nyebut Hong . Lamun pamaen lain nijek tanda, ngabongohan si ucing, kudu nyebut pancakan.

2. Sorodot gaplok
Alat; kenteng laleutik jeung Bal Kasti (biasana palastik digulung2 terus ditalian)
Kenteng sababaraha siki disusun kaluhur, terus dibaledog ku bal kasti, waktu kenteng acak-acakan, pamaen lalumpatan ngajauhan, sedengkeun si ucing nyusun deui eta kenteng. Tah saterusna si Ucing ngupayakeun maledog pamaen lain ku bal kasti lamun keuna, pamaen tadi teu bisa maen deui. Si Ucing kudu maledogkeun deui balna ka pamaen2 sejen nepi ka beresna, bari ngajagaan si kenteng ulah nepi ka acak-acakan deui. Tah pamaen sejen bisa ngabongohan si ucing najong eta kenteng nepi ka acak-acakan deui, nu hartina si ucing bakal terus jadi ucing nu disebut dikere.

3. Engkle
Nyieun gambar husus dina taneuh mangrupa dua jajar pasagi opat atawa nu bentukna iimahan, aya nu disebut gunung, dimana dieta tempat pameun bisa ninceukeun dua sukuna. Di tempat lain mah acleng2an ku hiji suku (hopscotch mun basa inggris mah, mun dina basa indonesia naon nya?)
Engkle ieu, pamaenna dibagi 2 grup. Maenna dimimitian ku nunda kenteng dina tempat nu mimiti diliwatan (duh naon nya istilahna? hilap deui tuluuuungggg), tah terus tempat eta diajlengan.


4. Cacaburange
Nu jadi ucing, kudu tapak deku (sujud) tonggongna dipake tempat ku pamaen sejen keur ngalaksanakeun kaulinanna. Carana, batu leutik dikurilingkeun bari nembang, laguna kieu

caca burange burange tali gobang,
gobang pancarange anak gajah tulalean
Jing gojing lewe lewe
jing gojing lewe lewe


Tah pas dina kecap lewe lewe batu geus aya dina keupeulan salah sahiji pamaen. Si ucing kudu neguh dimana ayana eta batu. Lamun kateguh berarti nu nyepeng batu jadi ucing, lamun teu kateguh si ucing tetep jadi ucing.

5. Pangpring
Pamaen ngajajar bari nangunjar. Terus ngalagu, bari masing2 suku pamaen ditepakan giliran. Ieu tembangna;

Pangpring pangpring sabulu bulu gading
gadingna semu peurah tikukur diadu
semplak gadona dikurungan ku si kica
si kica gede hutangna
dugel mintel hiji...


Suku nu katepak pas dina kecap mintel hiji, kudu mintel...terus kitu nepi ka kabeh suku nu ditepakan mintel...

Eta diantarana kaulinan sim kuring jaman baheula keur busdak...teu kakumpulkeun sadayana dina implengan sim kuring. Biasana masing2 daerah di taneuh sunda ngabogaan rupa kaulinan nu mirip, ngan sesebutan jeung tembangna nu beda.

Tidak ada komentar: